JALMI ALIT retweeted
Ulah sok ngabebanan diri ku rasa hariwang anu teu manfaat, sabab rasa gede hariwang moal bisa nyegah kanyeri poe isuk, tapi bakal nyokot kasenangan poe ayena.
Euweh deui anu kudu dipikahariwang disaat maot Dina kaayaan coplok kaimanan.
Lamun bener tujuan urang teh alam akherat. Kuduna perkara Dunya heunte nganyerihate keun hate urang ...
Teu kudu boga rasa hanjakal pernah Panggih Jeung saha wae, karna hade goreng maranehna ka urang. Maranehna tetep mere pelajaran hirup keur urang...
Di parancahan ku ta'udz seja Nyalindung abdi ka Allah di kawitan ku Bismillah kalayan nyebat asma Allah NU maha welas tur asih Mugi sadaya paneda Aya Dina ijabah kalayan barokah....
Amiinn Allahumma Amiin 🙏
Lalaunan, hiji-hiji ulah diteuhak bisi Matak rusak Kana awak cape Kana hate.
Kabeh ge geus manjing Jeung wancina geus mibanda mangsana iraha Jeung kumaha geus Aya katangtuana.
Urang mah nu bisa dipigawe, pigawe nu teu bisa diajar bari tatanya. Keun salewihna geus Aya nu ngaturna.
Sabar Jeung syukur eta banda hirup nu ulah nepika leungit Tina diri, Sangkan genah tumaninah ati sanubari, Sesab sapanjang ngalakonan kahirupan pasti moal anggang Tina heuheuy Jeung Deudeuh.
JALMI ALIT retweeted
BAPA ...
Bapa….sok sanajan teu reuneuh tapi
getihna ngocor ka budak
Bapa…..sok sanajan teu ngajuru tapi
sora bapa nu pangheulana kadenge ku sora adzan
Bapa…..sok sanajan cape beurang peting gawe kurang sare belaan anak pamajikan bisa dahar
JALMI ALIT retweeted
syukur kanu dipiboga gede leutikna urang tarima, susah bagja moal lumpat kamamana. Reugreug hate cumantel ka gusti Allah nu maha Mulya.
teu daya teu upaya hirup saukur ngalalana moal langgeng salilana moal jaya salawasna.
Ulah hilap bersyukur...
JALMI ALIT retweeted
Geus cunduk kana waktuna, datang kana mangsana. Bakal datang jalma sederhana ngolah nagara, enggal sumping budak angon.....
JALMI ALIT retweeted
Obrolkeun sabari udud jeung cikopi .. teu kudu aya gas air mata .. teu kudu mawa rasa pangkat nu jumawa .. da geus kieu mah naon nu dirasa .. bumi pertiwi nu jd korban...
JALMI ALIT retweeted
.
Tos se'eur kacontoan jalma nu cilaka kulantaran pamolah sorangan,sing bisa mikir panjang yen hirup teh lain saukur ngudag kahanyang..
JALMI ALIT retweeted
Nalika laut geus teu eusian lauk, sawah geus teu bogaeun pare, leuweng teu bogaeun tangkal, wahangan teu ka eusi ku cai, Meureun harita manusa sadar seumen teu bisa di dahar!!!
'BARAKALLAHU LIWALAKUM'
komat ah!!!
JALMI ALIT retweeted
Hayang mah da sagala boga meh bisa senang hirup di dunya, tapi lamun ngukurna kadinya sigana kapusing moal aya tungtungna...
Syukuri naon anu di piboga sok sanajan teu ngalimpah tapi inshaAllah barokah... Ayena mah gede leutik na penghasilan balik dei ka diri urang sorangan
JALMI ALIT retweeted
Ulah tatapa ka nu teu nyata, Ulah seumedi di tempat nu buni. Prak geura tembrakeun di payuneun indung bapa. Sabab indung bapa nu jadi cukang lantaran gumelarna urang ka alam dunya.
Sumsum balung urat Lamat daging geutih kulit bulu kesang Jeung daki.
JALMI ALIT retweeted
Inget ka Kolot
Inget ka kolot Ukur bisa ngabayangkeun,
Poe ieu kuring nyegruk dina lahunan pun indung, ngedalkeun kabeungberat lalakon hirup jeung peurihna hate, menta rido nu jadi indung jeung bapa, najan geus jadi kodratna tinu kawasamah, hampura abdi.
Bapak tangkal darajat gelarna najan surga lain dina dampal sukuna tapi tanggung jawabna parat nepika akherat, lain saukur ngeclak keun kesang tapi kadang ngeclakeun cimata pikeun nukeran kabagja nu jadi keluarga...
Keun Bae...sing gede hate da hirup mah padah boga lalakon pait peuher nu kaalaman. ulah Matak peunggas harepan sumawona nepika pondok pamikiran, angguran sing jadi guru panungtut hirup. Ulah sok noong ka kolong tuh tanggah langit masih keneh lega ...
